:

2 Raja-raja 13

1

Yoahas putra Yehu jadi raja nagara Israil dina taun kadua puluh tilu Raja Yoas putra Ahasia ngarajaan nagara Yuda. Calikna di Samaria, ngarajaanana tujuh belas taun.

2

Anjeunna oge cara Raja Yarobam anu saheulaeunana, dosa ka PANGERAN sarta mawa urang Israil kana dosa, henteu euih-euih tina kalakuanana anu goreng.

3

Ku sabab kitu PANGERAN bendu ka Israil, nepi ka Israil ku Mantenna diantep sina teu eureun-eureun diperangan jeung dielehkeun ku Hasael ti Siria jeung Benhadad putrana.

4

Geus kitu Yoahas sasambat ka PANGERAN. Panyambatna dimakbul, sabab PANGERAN ningali kumaha kerasna urang Siria ngagencet ka urang Israil.

5

Israil ku PANGERAN dipaparin hiji panulung anu ngabebaskeun maranehna ti urang Siria, nepi ka talengtrem deui cara ka tukang-tukang.

6

Sanajan kitu maranehna masih keneh bae marigawe dosa anu dimimitian ku Raja Yarobam, tetep garoreng kalakuan. Arca Dewi Asera oge aya keneh bae di Samaria.

7

Harita Yoahas geus teu kagunganeun balad kuat, ngan kari serdadu kuda lima puluh urang, sapuluh kareta, jeung salaksa serdadu leumpang. Anu sejenna geus beak digempur ku raja Siria nepi ka dileyekan kawas leutak.

8

Carita Raja Yoahas salian ti eta jeung hal kagagahanana, kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Israil.

9

Sanggeus pupus dikurebkeun di Samaria, Yoas putrana ngagentos jadi raja.

10

Yoas putra Yoahas mimiti jadi raja nagara Israil dina taun katilu puluh tujuh Yoas putra Ahasia ngasta nagara Yuda. Calikna di Samaria, ngarajaanana genep belas taun.

11

Anjeunna ge nirca ti PANGERAN, niru kalakuan Raja Yarobam anu nyered Israil kana dosa.

12

Carita Yoas raja Israil jeung hal kagagahanana waktu merangan Amasia raja Yuda, kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Israil.

13

Sanggeus pupus dimakamkeun di makam karajaan di Samaria, Yarobam II putrana ngagentos jadi raja.

14

Hiji mangsa Elisa teu damang, beuki lila beuki wales. Yoas raja Israil ngalayad, sumping-sumping nangis sarta saurna, "Ama, Ama! Ama teh nabi Israil anu digjaya."

15

Elisa sasauran, "Candak ka dieu gondewa sareng jamparing." Sanggeus pamundutna dicumponan,

16

anjeunna miwarang sangkan raja tarapti pikeun ngalepas jamparing. Sanggeus tarapti, Elisa numpangkeun panangan kana panangan raja,

17

sarta miwarang muka jandela anu nyanghareup ka lebah Siria. Sanggeus jandela dibuka, Elisa marentah, "Lepas jamparing!" Barang jamparing ngabelesat tina panangan raja, Elisa ngalahir, "Jamparing PANGERAN! Anu ku Mantenna dikersakeun pikeun ngagempur Siria, sarta hidep bakal unggul. Gempur urang Siria ku hidep di Apek, tangtu eleh!"

18

Geus kitu Elisa marentah deui supaya jamparing sejenna ku raja diteunggeulkeun kana taneuh. Raja neunggeul taneuh ku jamparing. Kakara meupeuh tilu kali geus liren.

19

Elisa bendu, saurna ka raja, "Kuduna hidep meupeuh teh nepi ka lima atawa genep kali, tangtu urang Siria eleh ku hidep nepi ka tumpurna. Ayeuna hidep ngan bakal bisa ngelehkeun tilu kali."

20

Nepi kana pastina Elisa pupus, tuluy dikurebkeun. Ari gorombolan urang Moab geus biasa unggal taun sok ngaranjah ka tanah Israil.

21

Sakali mangsa aya jalma-jalma anu rek ngaruang mayit, tuluy narenjo eta gorombolan daratang deui. Teu tata pasini deui, mayit teh dikusrukkeun, keuna kana makam Elisa, anu rek ngaruangna tingbalecir. Ari mayit tea barang antel kana tulang taleng Elisa, dak dumadak hirup deui tuluy cengkat.

22

Jaman dirajaan ku Yoahas, urang Israil kacida dibalangsakkeunana ku Hasael raja Siria.

23

Tapi PANGERAN nu sipat welas henteu ngantep sangkan Israil tumpur. Malah maparin pitulung, lantaran emut kana jangji-Na ka Ibrahim, Ishak, jeung Yakub. Mantenna henteu lali ka umat-Na.

24

Hasael raja Siria geus pupus, diganti ku Benhadad putrana.

25

Benhadad dielehkeun ku Yoas putra Yoahas raja Israil nepi ka tilu kali. Kota-kota anu keur jaman Yoahas ramana karebut ku Benhadad dibeunang-beunangkeun deui.

Link: